Sabtu, 22 Mei 2010

Carpon Sunda..Ayum

Judul : Kartini Bojong Sēah
Karya : Arumdari Nurgianti


Tanah Sunda Gemah Ripah
Nu Ngumbara Suka Betah
Tanah Sunda Sing Towēksa
Nyangga Darma Anu Nyata
Seuweu Pajajaran Moga Tong Kasmaran
Sing Tulatēn Jeung Rumasa
Getēn Titēn Rumawat Tanah Pusaka


Pasawahan hējo ngēmploh, tutuwuhan sing jaranteng, sato piaraan ting marontok, teu poho ka masarakat nu somēah, barudak nu sarurak ngagamarkeun bagyana salarēa, Bojong Sēah ngaran kampungna, katangēn ti kalēr sakola madrasah pinuh ku barudak santri nu milari ēlmu, ti wētan panduduk kampong talanur jeung miara pakaya, hiliwir….angin niisan kahirupan kampong Bojong Sēah, wahangan hērang nu ngalir sapertos kahirupan nu adem ayem. Nanging bēnten pisan sareng kahirupan kota nu teu alami, pinuh ku haseup panyakit, saalit pisan tutuwuha, teu aya pisan wahangan hērang aya gē pamiceunan tina pabrik tuluy deuih pinuh ku wangungan-wangunan ting jarangkung, kitu deui jeung sikep kaom rumajana nu teu welēhmineng nglakonan nu teu pararuguh, MIRAS dijadikeun kainuman sapopoē, pakēan nu teu puguh watesna, jeung sikep paripolahna mirupa barat. Atuh untung nu hirup di padēsaan tingal daēk ngamangpaatkeun kaadilan kreatip nu dijanggelekeun ku pamarēntah.

Trok….trok…trok kadangu ti luar sora keketrok….
“Assalamu’alaikum……Umi, Bapa… Tini sumping……” Kadangu sora nēng Tini, katingal ngagēnol boboko anu eusina daun sampeu.
“Waalaikumsalam….. Kumaha nēng, ayaan teu daun sampeu tēh ?” Umi Ijah nanya.
“Alhamdulillah Umi, nguneur tēh aya hasilna, lumayan kanggo sayureun.’ Nēng Tini sabari sueri nu somēah.
“Hayoh atuh geura ucik, urang asakan !” Tēmal Umi Ijah.”
“Muhun Umi , ari Bapa kamana ? teu katingali ?” Nēng Tini naros.
“Bapa aya priyogi ka Juragan Karta, rēk milari padamelan.” Tēmal Umi Ijah.
“Ooooh… gusti, bapa tēh teu kēnging kacapēan apan Umi ?” Tēmal Tini.
“Nya kumaha deui atuh saha nu daēk ngabiayaan hirup urang ari teu ku Bapa mah !” Teges Umi Ijah.

Tini jeung Umi Ijah pēek ngobrol , hiji kulawarga nu prihatin, cicing dina saung nu ngan bias ngiuhan. Nanging ēta kulawarga tēh hirup rukun, tara pahiri-hiri, Umi Ijah jeung Bapa Dudin kagungan putra nu kacida geulisna, si leunjang bulan ngalangkang, rampayak mirupa merak, sampulur mirupa layung, geulis kaasih pohaci, kacapangan para pamudi, dibuana warna-warna. Namina Kartini, ngandung harti mirupa Raden Ajeng Kartini, kusabab poē babarna sami nyaēta kaping 21 April. Sok disbat Nēng Tini, kasohor kembang desa, seueur nu hoyong janten kadeudeuhna, yuswana 18 taun, kelas III SMA, jalmina sederhana, pinter diajarna tuluy pinter jaiponganana, kasohor ku rērēncanganana tērēh sampurna, nanging Allah SWT num aha sampurna. Nēng Tini hoyong pisan sakola sing luhur, janten jalmi sukses jeung bias ngabagyakeun kanu jadi kulawargina.

ϪϪϪ

Hiliwir angina ti kalēr…niupan tatangkalan pasawahan, kadangu sora suling, ngahudangkeun sumanget kanu jadi masarakat Bojong Sēah, Wirama Tilam Sono tina suling nu dipaēnkeuna ku Kang Sholeh, kasohor jajaka pangsholehna, rupana teu aya cawadeun, niup suling dijadikeun kagiatan sapopoē , geto; jeung soson-soson deuih, Kang Sholē tēh nyaēta kadeudeuh Nēng Tini. Unggal dinten sok pependak di saung pasawahan nu ēndah.

“Kang Sholēh, Tini mah hoyong pisan janten jalmi sukses sareng deuih janten panutan kanggo masarakat utamina kanggo kaom istri, sapertos Raden Ajeng Kartini, jasana teu tiasa dihilapkeun ku balarēa.” Tini sbari ngabayang-bayang manēhna janten jalmi sukses.
“Nya mangga waē, akan mah ngadukung kahoyong nēng asalkeun ēta tiasa ngabagyakeun nēng, komo deui nu positip mah, akang ngadukung pisan.” Tēmal Kang Sholēh.
“Hatur nuhun akang, Tini mah moal hilap ka akang, Tini mah deudeuh ka akang.” Tēmal Nēng Tini.
“Sami nēng, akang deudeuh ka nēng, akang percanten ka nēng.” Tēmal Kang Sholēh sabari seuri nu somēah.
Unggal dinten ēta jajaka sareng kembang dēsa tēh sok niis duduaan di ēta pasawahan nu ēndah.
ϪϪϪ

Poē isukna Nēng Tini nanya ka Umi Bapana. Manēhna ngarepkeun bias skola luhur tuluy bias jadi jama nu sukses. Nanging Umi Bapana teu sangup ngamodalan sakolana.

“Umi, Bapa…. Tini ukeun idin, Tini badē neraskeun sakola ka nu leuwih luhur, dupi Umi, Bapa ngawidian henteu ?” Nēng Tini nanya.
“Nēbg geulis, sanēs teu hoyong, sanēs teu nyaan da kieu kaayaan, mugia sing tawakal, Umi, Bapa moal ngawidian, teu gaduh kanggo ngamodalanana, kumaha atuh da kieu kuduna,” Tēmal Pa Dudin sabari ngahelas.
“Sumuhun nēng, Umi gē moal ngawidian da lamun seueur artos mah sugan badē janten naon gē hēg waē, kieu geuning ayana urang mah Nēng.” Tēmal Umi Ijah.
“Umi, Bapa, atuh kumaha Tini moal tiasa janten jalmi sukses, moal tiasa sapertos Raden Ajeng Kartini tēh, mangkaning janten jalmi suksēs tēh kahoyong Tini ti kapugkur.” Tēmal Tini.
“Nya kumaha atuh nēng, da kieu kayaanana !” Tēmal Pa Dudin.
“Umi, Bapa maenya Tini kedah ngangur, teu pararuguh .” Tēmal Nēng Tini.
“Nēng tong hilap kana kaahlian, nēng tēh pan tiasa jaipongan, atuh tiasa janten ronggēng ngiring bajidoran mun aya hajat.” Teges Umi Ijah.
“Umi, Bapa, alim kudu bajidoran, Tini mah hoyong diajar sing giat, naon Umi bajidoran mah sieun ka jajaka.” Nēng Tini sabari tungkul ka Umi, Bapana.
“Nēng, sing ngawaro ka nu jadi kolot, nēng tēh ayeuna kedah tiasa milari artos da Umi jeung Bapa mah tos rērēmpo, dangukeun nēng da bajidoran tēh ceuk batur moal diangap teu bener, ēta mah kasenian pasanggiri, hsilna lumayan deuih.” Teges Pa Dudin.
“Umi, Bapa pokona Tini mah alim janten nu kitu, Tini mah hoyong suksēs, ah…kumaha Umi, Bapa wē, Tini mah kudu janten jalmi suksēs kudu sakola luhur.” Tini ngamek sabari lēos ka kamarna.

Nēng Tini kacida ambekna, atuda janten jalmi suksēs jeung hoyong sapertos RA. Kartini, alim diparēntah, hoyong bēbas nangtukeun harepan, komo deui Nēng Tini nu kacida alimna dipiwarang janten ronggēng pasanggiri nu Juragan Karta. Nēng Tinibingung kudu kamana mēnta tulung, ka Kang Sholēh kadeudeuhna da teu bias ngabntuan, dipikiran ēta masalah tēh ku sorangan, Bapa Nēng Tini sok geuringan, panyawat jantungna beuki parah, atuh Nēng Tini beuki bingung, maenya kudu doraka ka nu jadi kolot, kapaksa Nēng Tini nurut ka nu jadi kolot, Nēng Tini ahirna janten ronggēng bajidoran. Nanging ci Panon tēh hayoh wē nyaclakan, kusabab teu bias nuluykeun sakola jeung teu bias jadi jalmi suksēs . Ungal dinten Nēng Tini hayoh melonngan buku karangan RA. Kartini nu judulna “Habis Gelap Terbitlah Terang”, sabari ngucurken ci panon.

ϪϪϪ

Unggal dinten Nēng Tini giat ngabantosan Umi, Bapana, tuluy ngabajidor malaria artos, tina padamelan ēta tēh teu cekap kanggo ngobatan bapana nu teu damang, gaduheun panyawat jantung. Nēng Tini bingung kumaha cara ngamodalan di Rumah Sakit, mēnta tulung ka dulur jeung tatanggi teu ditulungan da teu gaduheun artos kanggo ngamodalanana, Umi Ijah jeung Nēng Tini bingung kudu kamana mēnta tulung ….Tuluy Umi Ijah jeung Nēng Tini mēnta tulung ka Juragan Karta, yēn mēnta pangamodalkeun bapana nu aya di Rumah Sakit. Juragan Karta sangup ngabiayaan ngan Nēng Tini Kudu sadia ajadi carogena juragan. Atuh Nēng Tini kacida ambekna, sedih atuda deudeuh ka Kang Sholēh ari pēk di titah kawin ku Umi, Bapana ka Juragan Karta nu pengbeungharna sakampung. Unggal dinten Nēng Tini ngagukguk ceurik, ci panon hayoh nyakclakan . Bapana geus di ubaran, biaya Rumah Sakit geus dilunasan, Juragan karta rēk ngalamar Nēng Tini da geus janji. Neng Tini ngarasa boga hutang ka Juragan Karta kumaha atuh da hatēe mah moal bias dibohongan, da Nēng Tini mah deudeuhna ka Kang Sholēh …

ϪϪϪ

“Kang , Tini mah alim di kieu-kieu , hoyong bēbas, hoyong janten istri nu bagya, istri nu suksēs , naha jadi kieu…? Tini mah deudeuh ka akang..!” Nēng Tini sabari sabari ceurik baririhan.
“Nēng, maenya badē ningalkeun akang ? Nēng badē janten carogē Juragan Karta ? Akang tēh deudeuh ka nēng.” Tēmal Kang Sholēh.
“Leres akng deudeuh ka Tini ? Insya allah Tini gē moal kasasaha .” Tēmal Nēng Tini.
Rupa geulis Nēng Tini ti deungeut ieu teu katingal, pinuh ku ci panon nu hayoh nyakclakan, teuoi ka bintitna. Unggal dinten ngurung di kamar. Umi jeung Bapana bingung da ngarasa bga hutang ka Juragan Karta jeung deuih prihatin unggal dinten ningali rupa geulis jadi jamedud pinih ku ci panon.
ϪϪϪ

Kaisukna Juragan Karta tēh dating ka imah Nēng Tini, rēk ngalamar tēa, mawa rombongan sakampung dibaturan ku dayang-dayang, bungkusan-bungkusan, jeung sora gamelan kadangu meuni tarik. Nēng Tini reuwas, manēhna mikir kudu kumaha ieu, naon nu kudu dipilampah. Teu loba mikir geuwat mawa pakēan diasupkeun kana koper, teu hilap Nēng Tininulis surat kanggo Umi, Bapa jeung kadeudehna.

“Assalamu’alaikim……Umi Ijah, P Dudin, ieu kuring Juragan Karta, rēk ngalamar kembang dēsa nu panggeulisna, Nēng Tini tēa.” Juragan Karta sabari ngagorowok.
“Mangga kaleubet juragan, kin urang canak Nēng Tini na, mangga dileueut juragan saaya-aya!” Umi Ijah sabari ngalēos ka kamar Nēng Tini.

Umi Ijah reuwaseun pisan, di kamar tēh teu aya Nēng Tini, digeroan teu nēmalan, diobrak-abrik ēta kamar tēh, ngan katēmbong aya kertas ngagolēr nu isina :








Kanggo, Umi, Bapa, Kang Sholēh
hu ku Tini dipikanyaan


Assalamu’alaikum

Umi, Bapa hapunten Tini teu tiasa janten carogē Juragan Karta, salian ti Tini deudeuh ka Kang Sholēh, Tini alim janten carogē juragan nu galak teu aya kanyaan, Tini mah badē milari kabēbasan ka kota sugan wē tiasa janten jalmi suksēs, sugan wē tiasa bēbas sapertos harepan Raden Ajeng Kartini inspirator Tini… Umi,Bapa tong mikiran Tini, Tini diditu badē milari padamelan sugan wē ditampi, kin lamun Tini tos suksēs, Tini moal hilap ka Umi, Bapa, Tini badē ka kampong deui hirup bagya sareng Umi, Bapa…Mugia Tini tiasa ngabagyakeun Umi sareng Bapa….Amiiiiiiiiiiiiiin…
Umi, Bapa tong hilap tong kacapēan, tong hilap neda…! Umi, Bapa, Tini ukeun pidu’ana..
Wartoskeun ka Kang Sholēh Tini deudeh ka akang, Tini mah moal kasasaha, Tini nyaah ka akang, antosan Tini,,,,moal lami Tini uih deui ka kampong nyanak kabagyaan kanggo balarēa… Tini deudeuh ka akang….

Umi, Bapa, Kang Sholēh Tini nyaah ka salarēa……
Nyuhunkeun pidu’ana…..

Tini

Umi Ijah jeung Pa Dudin kacida haneuneulna, putra hiji-hijina kabur kapaksa, Juragan Karta ambek kabina-bina, Umi Ijah jeung Pa Dudin disungkrukeun, teupi ka ngagukguk ceurik baririhan…Eusi imah diacut-acutkeun,,,cacarēk sabari mabukan jeung neungeulan.

ϪϪϪ

Umi Ijah jeung Pa Dudin nungu-nungu kasumpingan putra nu kacida dipikanyaahna, ngan NϪng Tini teu aya kabar, duka kumaha hirup di kotana.
Pa Dudin kacida deui panyawat hēg tos rērēmpo , teu aya nu ngamodalan . Kang Sholēh nunguan Nēng Tini , unggal dinten nyuling sabari reumay ci panon inget ka Nēng Tini, sing loba gadis dēsa nu dudeuh , ngan Kang Sholēh deudeuhna ngan ka Nēng Tini.

ϪϪϪ

Teu lami tos 8 bulan, Nēng Tini sumping ka kampong rēk ngalongok Umi, Bapa jeung akdeudeuhna , tuluy Nēng Tini tēh ayeuna mah tos beunghar tur suksēs. Nanging Nēng Tini dahareupan ku haneueul jeung kasedihan, kusabab aya warta Umi Ijah jeung Pa Dudin tos teu aya, ngantunkeun Nēng Tini salamina, Nēng Tini haneueul teu bias ucap nanaon, jempling, teu karasa ci panon ngucur sabari gogoroeokan teu peraruguh, prihatin pisan….Teu mikir nanaon Nēng Tini geuwat mawa pēso nu aya dihareupeuna, pēk ngomong :
“ Batan Taluk Kajeun Undur
Batan Pasrah Kajeun Hilang
Cadu kasiku ku musuh
Mending Rarabi ka pati”
Bles….ēta pēso tēh di tubleskeun …………Atuh tatanggi riweuh nulungan, komo deui Kang Sholēh gogorowokam mēnta tulung, ngan haneueul Nēng Kartini nu geulis kawanti-wanti tēh teu tiasa di tulungan…..

Kartini Bojong Sēah nu hoyong sapertos Raden Ajeng Kartini tēh ayeuna mah ngagolēr pinuh ku geutih ….
Ieu kahirupan kembang dēsa Bojong Sēah tēh pinuh ka kasedih jeung akaprihatinan….A’udzubillahimindzalik……


TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar